Atikan jeung Perjuangan Kaum Wanoja

Mieling Poe Kartini

21 April

   Assalamu'alaikum Wr.Wb. Sampurasun

  Inna hamdalillah Nahmaduhu wa nastai'nuhu wa nastag firuhu wa na udzubillahi min syururi anfusina wa min sayyiati a'malina Mayyahdzillahu fala Mudzilallah wama yudlihu fala hadiyarah. 
Langkung ti payun, puji sareng sukur hayu Urang panjatkeun ka Gusti Allah nu maha suci sareng Nabi Muhammad SAW. 

  Bapa Kepala Sekolah, Komite Sekolah, réngréngan Guru, Soreng Tata Usaha nu ku simkuring dipikahormat, ogé teu hilap ka sadaya babaturan atawa siswa siswi nu dipikareueus. 

  Alhamdulillah dina poé enjing anu cerah ieu urang yen tiasa ngumpul sareng ngadangukeun biantara anu badé abdi dugikeun. 

   Sateuacanna, ngahaturkeun nuhun ka sadayana nu tos masihan waktos sareng Kasempatanana dina poé anu cerah ieu.

  Simkuring didieu téh rék ngadeg di ieu papanggungan Minangka Wawakil ti wanoja-wanoja, seja urang mieling Poé Kartini, momen istimewa pikeun ngemut jeung ngajenan. Perjuangan Radén Ajeng Kartini, Pahlawan emansipasi Wanoja Indonésia. 

  Sosok Kartini teh ibarat lampu di tengah-tengah poek na ruang, anu nyaangan saluruh ruangan pikeun wanoja Indonesia ngahontal impian jeung kasajajaranna. Sumanget Kartini anu panceg jeung pamikiran visioner geus muka lawang pikeun istri atanapi wanoja Indonesia pikeun ngahontal impian maranéhna.

  Ku Kitu na, Sumanget kartini kudu terus dikobarkeun dina hate urang wanoja sadayana. Urang salaku generasi penerus boga tanggung jawab pikeun neruskeun perjuangan RA Kartini
Hapunten bilih aya basa nu Kirang merenah larapna bilih aya Kalepatan anu teu di sangaja sakitu deui hapunteun.

  Rupina Sakitu wae nu Kapihatur Sakalai deui simkuring ingetkeun, sadayana wanoja Indonesia Hayu urang jadikeun Sumangetna minangka Kompas anu ngabimbing. urang pikeun terus maju jeung berbakti ka bangsa jeung nagara.

  Hatur nuhun. Sampurasun Assalamu'alaikum Wr.Wb 



Nama: Sandra Ramadhani 
Kelas: X-K

Komentar